Senin, 12 Februari 2018

Padjadjaran Bogor


Sampurasuun..
Mugia rahayu sagung dumadhi

bismillah panutur catur ngajadi tuturus laku muru gapura karahayuan banjaran jati ning bagja

dina unggal robah mangsa, ganti wanci ilang bulan kurunyung taun...
geus ampir punah budaya bangsa ku alatan teu dipirosea ... Padahal, salah sahiji ciri aya na bangsa teh ku aya na budaya.
hade budayana tangtu hade bangsana, tapi lamun ancur budayana geus pasti bakal ancur oge bangsana ...Taah dumasar kana hal eta, tii mimiti ayeuna, mangga urang mumule, urang urus budaya urang sorangan sangkan tetep jadi ciri ... Ulah nepikeun jati kasilih ku junti taman kaliung ku situ, leungit ciri tinggal cara ...

nitik tuju nu saestu tetep galeuh lelembutan anu kawengku ku tilu katangtuan (tri tangtu), nyaeta kawengku ku ratu papayung agung, karoris ku aji resi, jeung karawat kanya'ah rama ... Ngajadi ciri diri sajati
manusa dicipta ku Pangeran teh, beda suku, beda bangsa, beda basa katut agemanana ... tapi aya hiji anu sarua, rata sajajar, nyaeta RASA ...
dijajarkeun sajajar di PADJADJARAN